SAJARAH BAYUNING
Sajarah Bayuning moal bisa dipisahkeun jeung sajarah Kuningan, sabab ditempo tina wewengkonna kaasup wewengkon Kuningan, sarta teu jauh, ngan saukur kaheuleutan ku pasir bungkirit wungkul.
Lamun dina taun 752 Masehi, atawa dina awal abad ka 8 di Kuningan geus aya karajaan, anu harita anu jumeneng rajana kakasihna Seuweukarma, ngagem agama Hindu, tangtu bae Bayuning oge kaasup wewengkon karajaan Kuningan, anu rahayatna ngagem agama Hindu.
Unggal-unggal wewengkon pasti aya anu pangheulana bumen-bumen ditempat eta, anu saterusna jadi kokolot atawa anu ngababakan didinya.
Di urang, di Bayuning ayeuna, anu harita ngababak-babakna teh nyaeta Senapati Artawiguna, katelah Pangeran Bayuantara, ari istrina kakasihna Pangeran Andayasari atawa Pangeran Bayuningsih.
Istri sareng pamegetna the estuning sauyunan pisan, dina kahirupanana ngaluyukeun kana kaayaan alam harita, cai curcor ti unggal ci nyusu, caina canembrang herang, pantes lamun anjeunna betah bumetah di tempat ieu.
Nurutkeun unggeling carita mah, garapana oge dibagi wewengkon sewang-sewangan, carogena nyaeta Pangeran Bayuantara Beulah wetan, ari istrina nyaeta Pangeran Bayuningsih Beulah kulon.
Ari nu disebut beulah wetan nyaeta wewengkon cipulus ka wetankeun, anu ayeuna disebut Birit Dayeuh. Hanca garapan istrina, nyaeta pangeran bayuningsih beulah kolon the pusatna di Karamat, kampong Pahing ayeuna, sok disebut oge Bujal Dayeuh.
Di Cibayuning, tapi ka kiwari masih keneh aya ciri, tutunggul batu jeng tutuwuhan pipireunana., hanjuang jeng kacapiring, mun teu salah baheulamah didinyateh aya balong, anu caina tina ci nyusu.
Aya Birit Dayeuh, aya Bujal Dayeuh, tangtu bae aya Hulu Dayeuh, anu pernahna kuloneun lembur ayeuna.
Ceuk dongeng kolot baheulamah, yen Bayuning teh nu ngagegeuhna istri, jenenganana Pangeran Andayasari, mun aya nu pareng ngawenehankeunmah geulis ka wanti-wanti, rambutna ngarumbay panjang kacida.
Ku hal-hal anu tadi bisa nyieun kacieundeukan, yen bayuning teh nyandak tina ngaran anu ngababak-babakna, nyaeta bangeran Bayuningsih.
Bayuning teh ngandung harti, arti bayu hartina angina, ning tina bening atawa wening, hartina beresih, harti sagemblengnamah nyaeta angina anu beresih, muga-muga bae saterusna Desa Bayuning teh desa anu angina beresih, disinglar tina polusi.
Aya oge anu nyebutkeun yen Bayuning teh tadinamah Banyuning, ngandung harti cai anu beresih atawa herang, ieu oge teu salah sabab Bayuning teh beunghar ku ci nyusu, anu caina canembrang herang.
Di unggal tempat cinyusu, sok disebut oge hulu cai, baheula mah geueuman, pikakeueungeun, sabab harieum ku tatangkalan anu galede, kayaning bunut, caringin, pulus jalatong jeung rea-rea deui samalah tempat anu sarupa kitu teh sok dianggap sungil, taya jalma nu ngulampreng, komo ngaganggumah kana tatangkalan anu aya didinya estu di pahing pisan.
Eta teh akal karuhun urang sangkan ulah aya nu ngaganggu, tepikeun ka caina tetep ngagolontor, mereun ayena mah disebutna teh hiji usaha ngalestarikeun alam.
Anyar keneh pisan, hulu cai cigugula, anu pinuh ku tatangkalan galede, nyaeta pulus jalatong, di barukbak dijieun sawah, atuh dina parengna ayeuna butuh ku cai teh, hese bari jeng leutik.
Numatak taya bayana urang anu jadi pangwaris karuhun urang, kudu aya hojah pikeun mulasara unggal-unggal hulu cai pikeun kahirupan balarea.
Sakumaha anu kaunggel dina sajarah Kuningan, kira-kira dina taun 1481 Masehi, Syeh Syarif Hidayatullah nyumpingan Luragung, Ki Gedeng Luragung lebet Islam di saksesan ku Ki Gedeng Kuningan, sabab ari Ki Gedeng Kuningan mah geus asup Islam ti heula.
Puseur Pamarentahan kaadipatian Kuningan di Winduherang ayeuna, anu jadi Adipatina Kakasihna Pangeran Arya Kamuning, anjeuna boga kawajiban iwal ti ngatur pamarentahan , oge nyebarkeun agama Islam.
Wates-wates kaadipatian Kuningan, ti kaler wates walungan Cilengkrang, kurucuk ayeuna, ti kidul wates panjalu, ti wetan wates kaadipatian geban, da ciawi oge haritamah kaasup erehan Kaadipatina gebang, nu matak ayeuna di sebut Ciawi Gebang.
Bayuning teh ayana dina erehan Kaadipatina Kuningan, lir ibarat tepung wates jeung winduherang ngan saukur kahalangan ku pasir Bungkirit jeung pasirwangi.
Tugas Adipati Kuningan, lian ngatur pamarentahan oge boga tugas nyebarkeun Agama Islam, kukituna nyebarna agama Islam di Bayuning harita, tangtu sekeseler atawa utusan ti kaadipatian, sanajan ceuk salah sahiji carita yen anu nyebarkeun agama Islam di Bayuning teh utusan ti Grage atawa Cirebon.
Ari anu harita diutus teh diantarana bae Eyang Dapur, Eyang Tapan duanana makamna di kebon kadu, Eyang Dalem Martanaya, Eyang Syukur Salim Makamna di Cikalapa, Eyang Tubagus Pawenang makamna di pasir, Eyang Marmagati makamna di Munjul jeung Eyang Jaksa makamna di kebon pinang.
Teu kacaturkeun ari Pangeran Bayuantara jeung Pangeran Andayasari asup Islam atawa heunteu, da ari anu kacaritakeun mah Pangeran Bayuantara, sanggues datang anu nyebarkeun agama Islam di Bayuning, anjeuna neruskeun lalampahanana ngajugjug hantara, tepi ka pupusna di Cipicung.
Kumaha ari Pangeran Andayasari, anjeuna tetep-tumetep di Bayuning, dugi kapupusna, ngan teu kacaritakeun dimana hunyuranana, moal kapaluruh sabab et amah agamana agama Hindu.
Dina nyebarkeunana agama Islam di Bayuning make cara sewang-sewangan nurutkeun kaahlian gumantung kana pangaweruh jeung kasaktena.
Salah sahiji conto kasakten Pangeran Tubagus Pawenang, nyacag rangrang awi, di awurkeun dihiji tempat anu katelah nyangkoak, tepi kakiwari nyangkoak teh jadi kebon awi salilana.
Nyangkoak teh ngandung harti tempat nyangkokeun awak, mun ku urang di tapakuran ngandung harti tempat nyumponan pangabutuh balarea, sabab kabutuhan manusa teu bisa dipisahkeun tina awi, ari harti anu sejen nyaeta tempat pangnyamunian dina mangsana perang, eta duanana oge karasa ku sararea, babakuna ku masyarakat entragan jaman revolusi
Bersambung....!!